Ampun, Gusti
Nun Gusti Nu Maha Asih
Mundut widi abdi seja susuci
Sumujud nundung laku lampah salah
Sumerah salaksa bayah
Dina amparan sajadah
Panggugah hidayah
Ka Anjeun masrahkeun diri
Nyanggakeun sadaya-daya
Galindeng kalam Ilahi
Ti saban munara masjid
Meupeus simpé wanci janari
Ngageuing ati
Ngahudang rasa rumasa
Diri anu lamokot ku dosa
Sadrah mundut pangampura Gusti
Tina sagala lampah nu salah
Duh Gusti Robbul Izati
Mugi Gusti nampi tobatna abdi
Detik ieu seja ngubur tapak diri
Nu tos hilap ka temah wadi
Nu teu tumut ka Nu Agung
Ampun, Gusti…
Kasono Namper di Curug Cilember
Angin, cai, panonpoé, taneuh
Geus nyaksi gurat-gurat kadeudeuh
Nu salawasna maneuh pageuh
nu keukeuh hamo reureuh
ngancik na puseur galeuh-galeuh
Urang, tiluan, baris ngarakit tingtrim
ngawélah kanyaah
muru curug mungguh ngaguruh
ngagulidag, ngagenclang herang
sono nu teu weléh ngadodoho
mangsa tilu rénghap leyur manjur sakujur lalakon
Cinta Indepénden
Cik geura pendetan sakur liang-liang ringrang hariwang sumawona sumoréang
Ieu eusining haté rék dibudalkeun ngaliwatan kamalir asmara
Na sagara rasa salira girang cinta nu baris ngeueum ngagulidagna ciasmara
Ti dinya salira bakal uninga aya asih mudal umpal-umpalan
Antara golontorna ciasmara natrat taya nu milu ngiruhan
Ingkeun sina ngeueum sakujur jiwa salira nu langka kasaba ciasmara
Na saha nu bakal ngahalang-halang sapanjang urang silih simbeuhan kahayang
Da éstuning ukur pangjurung ti lulurung kalbu nu gumulung ngawujud madu
Euweuh nu ngaharu-biru atawa ngajujurung bari teu puguh alang-ujur
Piraku mun salira kalah nundung dibarung kaduhung jeung tatu jiwa sakujur
Énggal geura udaran raksukan salira kanggo kokojayan dina ciasmara
Na teu bayeungyang saban mangsa ngawang-ngawang kahayang nu can tinekanan?
Dalah pantar patapa moal wasa tur moal walakaya
Eureun tur lunta tina sarupaning ciasmara nu motah da jeroning dada
Na saban rasa manusa aya ciasmara nu ngaguruh ku sorangan. Ku sorangan!
Sanggeus Kapalidkeun Angin
di hiji musieum
leungeun anjeun robah jadi lilin beureum
ngusap peteng nu sumerah
ka cahaya nu nampanan kaguligah
sakabéh sarah sanggeus kapalidkeun angin
ukur tiba ka muara nu saat walunganana
implengan beuki jauh tina lambak pangbagéa
ngahunyud jadi sakadar catetan
ladang nyungsi impian teu kasurahan
ti hiji musieum
maridang deui dalingding puisi tingtrim
sanggeus peuting di luareun ieu sukma
ukur jempling nu geus leungiteun sihirna
Layung Surup di Cikandang
Manéhna sok ngahajakeun datang ka dinya
Nyawang layung nu warnana tetep nu éta
Teu ngijih teu halodo konéngna matak kabita
Manéhna teu bosen imut salila layung mulas langit
Siga milu bungah nganteurkeun panonpoé nu rék tibra
Padahal haténa kawas walungan Cikandang
Teu weléh bangreung
Waktu layung leungit di Cikandang
Diseuseup hawa burit nu alum
Dipiceun deui hawa dibarung geter
Tuluy manéhna lunta
Jajap cintana nu weléh teu daék ngarti
Mun layung geus diiwat ku sakadang peuting
Lalaki-Lalaki Jurit
Aya nu geus tilem dina ngembatna lalakon sajarah,
Tapi aya nu terus hurung ngagebur na lelembutan.
Maranehna nu geus bumela ka lemahcai na
Lalaki langit nu ngorbankeun pati di tegal jurit.
Tandang bajoang di medan-medan perang,
Ngarebut sajeungkal demi sajeungkal tanah di tegal pati.
Manehna pahlawan nu perlaya di tanah kadeudeuh,
Getihna, tulang-tulangna nu paburencay,
Geus tengtrem disidem bumi beresih.
Kiwari, jiwa-ragana ngalangkang deui,
Rumingkang deui, di dieu
Ngancik dina unggal dada lalaki.
Urang Téh Nuju Ngantosan
Urang téh nuju ngantosan
réngséna sandiwara
anu lalakonna diserat
di loh mahfud
mangsa sakeclak getih ngajanten daging:
ditiup roh hirup - kahirupan
Ulang taun
babak-babak liliwatan
saméméh bugang
dijajap kana liang panganjrekan anyar:
pajaratan
Hiliwir rampé jeung samboja
anu beuki atra
(tanda lalakon téréh anjog kana
tutup lawang sigotaka)
teu ngabarobahkeun para pamaén:
angger aranteng
kawas teu engeuh
yén
sandiwara téréh lekasan
Mangsa layar panggung ditutup lalaunan
kecap tahlil
mirig cekleuk panungtungan, jeung
gaur ceurik pipisahan
kasalahan-kasalahan ngalalakon
salila sandiwara dunya lumangsung
teu bisa dibalikan
(tos aya sérén-sumérén padamelan
ti Rokib - Atid ka Munkar - Nakir)
Urang téh nuju ngantosan!
Surat keur Urang Cicalengka
Saenyana langit geus culika ka diri. Méré warna kulawu
Nyatana bodas, padahal batin kumejot niat susuci
Miceun rereged nu dikirim angin musim brangta
Nepikeun warisan kahariwang ngeunaan cinta
Kembang nu dideukeutan bangbara
Sanajan seungit jeung maduna teu diseuseup
Tapi batinna kabawa lunta. Ngumbara tina regangna
Saenyana diri kataji. Ku katigin jeung kanyaah nu nyacas
Hanjakal waktu negeskeun hiji takdir mun diri kebat lumampah
Tina batin anjeun nu mirupa langit. Saenyana anjeun pisan
Kingkilaban tengah poé nu ngababuk jiwa. Kareueus
Kaajrih jadi hiji ungkara nu dianggit dina lagu kasmaran
Waktuna nyawang kembang ngungun. Anjeun
Salin jinis jadi bangbara nu muteran mahkota diri
Nu Jaga Di Daerah Sangar
Jajaka rengkung panon celong beureum seuneu
Regang garing ngeukeuweuk bogol bedil
Dina hatena salosin pelor ngan kari jedor
Manehna teu molor dina peuting garing tikoro garing
Ngintip unggal keresek daun eurih perang
Unggal geter di tegal gahgar
Sabab katalingeuhan hartina modar
Bari ranteng urat beuheung manehna ngajolor
Ngeukeupan daerah sangar
Sasiki pelor tangkorek pibariseunana
Keur bukur catur panahan lapar
Tambah sakitu siki pelor jeung katangar
Manehna teges nurido ngucurkeun getih
Tanpa owel keur saha getihna ngucur
Gerem
Sanajan dibekem
Masih bisa ngagerem
Gerem leuwih rosa
Batan heurasna carita
Sanajan ditemprang
ditengkas
kuda-kuda istiqomah
nanceb
dipaseuk alif mim kalimah syahadah
nu dijiadkeun kana embun-embunan
mangsa waruga, anyar
pinanggih jeung alam pawayangan
kakawasaan bisa nandasa raga
ngakaya jiwa
tapi mo bisa ngagunasika pikiran mardika:
rohna ngalalana, nyusupkeun
geter –geter sungapan kamanusaan
kana
unggal sungsum
unggal renghapan
hiji ditandasa
mangyuta ganti
antri
ngeupeul peureup nembang durma
nyingraykeun kapetengan
Gerilya
Ngabedega diwates desa
Di iket wulung di beubeur sarung
‘na cangkengna bedog panjang
Leungeun nyekel bamboo runcing
Ngajelegur sora mortar
Walanda pesta di kota
Hate nu jaga teu gimir
Nangtung ajeg ‘na tempatna
Sataun Jeprut
Sora bedil lodong nu ngabeledag neumbag jajantung
muncratkeun
daki-daki kalaipan
ngabudahkeun cimata mendet
ngabanjiran diri
tilelep — laput
ka tungtung buuk
aleu-aleu sora walilat
kawas ngalelewe
unggal lebaran
cimata deui
cimata deui
ti lebaran ka lebaran
nyoledat deui
nyoledat deui
kertas kapitrahan
nu diilo dibulak-balik salila ied
belewuk pinuh kokotor
lapar puasa
ditambah ibadah (nu belang betong)
teu ngabual
hutang dosa sataun jeput
sataun deui
jeprut!
Lus Les
roh nu ditiupkeun
kana raga nu pinasti mapagkeun pati
kawas kalangkang wayang
dina layar belewuk
katebak angin
lus les
lus les
Boa - Boa
Kuhoyong sajadah
janten “alketip ngapung”
jajap waruga
deuheus Salira
ka Sidratul Muntaha
Raga madep Kabah - Baetullah
Kalimah takbir di ucap
babacaan dilenyepan
maca ayat ditarikkeun - ditutup ku aweh salam
tapi,
emutan
angger ngalalana
kamamana-kamamana
Gusti,
Rakaat demi rakaat
nu diadegkeun
to’at dawuh Isro Miraj
boa - boa
ngan saukur, dianggap
olah raga
ku Salira
boa-boa
boa-boa
Sedih
Mega kulawu
Nahan ragragna cimata
Nu ting garayot dina kongkolak mata
Angin nyebitan kulit
Ngawurkeun kapeurih
Kana batin anu raca
Naha anjeun bet tega
Ninggalkeun sagala cinta
Nu kungsi di pibanda
Cikaracak
Cikaracak ngarakacak
leuweung dibukbak
huluwotan ngoletrak
caina teu ngeclak
kampung burak
rahayat ngoceak
para kglomerat: curak-curak
sila andekak
Naha kudu nungguan rahayat barontak
lamun cikaracak caina hayang ngeclak, atawa:
kudu aya tangkurak dekok
dibeletak batu cikaracak
nu lawas teu manggih
tiisna keclak cai :
cikaracak
Lamun rahayat ngoceak
Cikaracak ngarakacak
pamingpin milu andekak
naha urang ge cukup calawak
Cita-cita Nu Buyar
Cakrawala dibates layung
Ngagantung di tung-tung langit
Ngabawa cita-cita buyar
Nu pernah di lamunan
Tanpa batas
Laun-laun mukakeun jandela kamar
Cita-cita nu nyisir nu nyapu
Nimbus awan jeung langit biru
Asa nu ngagantung luhur
Tanpa aya karaguan



0 comments:
Post a Comment